Tigin jeung sugan marengan ragabadag
nu keri kari sabuku diri
rek nohonan kapanasaran
niruk katugenahan
nu salawasna nyeuseup cikahuripan
(taya basa harepan montel meperan hate)
Bongan ti wates-ka wates
kuring miceun cucuk reumis
nyaliara jadi totonden,nunggeulis!
rungseb na hate sorangan
nu mancerkeun sewu kapeurih
(najan raga badag kari sabuku diri
pareng ngahontal harepan)
Bandung, Juli 1987
